Surat Ti Papah ...

by - 9/09/2018

SURAT TI PAPAH (7 September 2017) 
 "Panggeuing keur hate anu tibra sare tawis kasono ka bapa anu tos dipundut kunu Gaduhna"

Anakiiing, anak Papah.... 
kiwari Papah geus nepi ka lembur anu sabenerna, lembur nu beda jeung lembur urang baheula..... Anakiiing, anak incu Papah..... 
mun isuk-paget hidep sono hayang papanggih jeung Papah, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula, omat tong angkaribung barang bawa, sabab Papah geus lain Papah anu baheula.... ! 
do'akeun wae Papah ku aranjeun... ayeuna Papah ngan butuh do'a ti aranjeun..... 
Anakiiing, kamelang Papah...! 
mun hidep nyaah ka Papah...., teu kudu bingung mulang tarima..., tapi cukup bejaan Papah: 
yen hidep geus jadi jalma sholeh...., 
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah..... 
bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo MantenNA 
Anakiiing..., mun hidep nyaah kaPapah..., cukup bejaan Papah...: 
yen hidep nyaah ka Papah..., 
hidep teh akur jeung dulur..., 
runtut-raut sauyunan..... 
silih hargaan..... 
silih elingan.... 
silih tulung silih bantu..... 
gogonjakan jiga baheula.....! 
Anakiiing..., 
pang bejakeun ka anak incu.., 
yen papah nyaah ka hidep....! 
nyaah ku lucuna...., 
nyaah ku belana...., 
nyaah ku sumanget na....! 
Bejakeun ka kulawarga hidep..... 
Papah geus nepi ka nu dituju...., 
Papah rek satia nungguan di dieu..., di hareupeun panto surga....! 
Anakiiing, anak-incu Papah..... Papah hayang mere beja, nyambung beja anu baheula: 
nu manfaat di dieu, di alam baka; geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan, tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa....! 
Ayeuna ku Papah geus karasa..., geus karasa...! 
karasa endahna solat jeung puasa, 
karasa endahna zakat, 
karasa endahna mikanyaah fakir-miskin,
karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga..!
Anakiiing, anak-incu papah....,papah nitip : 
* poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur... 
* ulah sasar tapi kudu loba istigfar..., 
* ulah salah tapi kudu loba ibadah...., 
Anakiiing...., hampura Papah..., 
bapa sono ka aranjeun kabeh...
meungpeung aya keneh di alam dunya poma ulah tinggaleun sholat..., 
ngaji qur'an..., 
ulah poho ka fakir miskin..., 
Nulung kanu butuh..., 
Nalang kanu susah.... 
Ulah poho, du'akeun papah tiap ba'da sholat... 
Sakitu surat ti papah.... 
Hampura Papah.... 



Pah, Semoga Tenang di sana... 
Allah lebih sayang sama Papah... 
Disini selalu mendoakan Papah... 
Surga tempat Papah :) 
amin.
(25041954 - 10102017)







You May Also Like

0 comment